Minggu, 21 September 2014

Anak Adam

Cipt. : RAF
Anak adam anjeun di dunya ngumbara
Umur anjeun di dunya teh moal lila
Anak adam... umur anjeun teh ngurangan
Saban poe,saban peuting di contangan
Anak adam paeh anjeun teh nyorangan
Cul anak cul salaki cul babandaan
Anak adam anjeun paeh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeung boeh anu dibawa
Anak adam...
Pasaran teh lolongseran
Saban poe,saban peuting gegeroan
Anak adam anjeun kaluar ti imah
Digarotong dina pasaran tugenah
"Aduh bapak,aduh ibu abdi keueung"
"Rup ku padung,rap ku lemah abdi sieun"
Anak adam dikubur teh poek pisan
Nunyaangan dikubur teh maca quran
Anak adam dikubur teh ngan sorangan
Pibatureun dikubur teh amal soleh

Rabu, 17 September 2014

Jang

Jang
Hirup teh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Bari kudu dilakonan
Jang
Jalan kahirupan
Heunteu sapanjang na datar
Aya mudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang
Ulah neupak dada beunghar
Salawasna kudu syukur
Eling ka nu Maha Agung
Kade hidep bisi kufur

Jang
Cing jadi jalma hade
Cing jadi jelema gede
Beunghar harta jeumar hate
Jang
Hidep cing ngajalma
Turut parentah agama
Ulah jauh ti ulama

Nyobat sareng ahli tobat
Dalit sareng para kiyai
Hirup keuna ku owah gingsir
Ngarah aya anu ngageuing
Mangsa lengkah ninggang salah

Cing pinter tur bener
Cing jujur ton bohong
Ulah nganyeurikeun batur
Ngarah hirup loba dulur

Raksa ucap langkah
Tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja
Salamet dunia akherat

Jang..
Jang…
Cing jadi jalma sholeh
Jang…. Jang…
Hidep cing sholeh



Es Lilin - Nining Meida

Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena.





Senin, 15 September 2014

Pileuleuyan

Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui

Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara